Tempat Berbagi Cerita, Humor, Ilmu Pengetahuan Dan File

GAMBAR, PROFILE, MENU DROP DOWN

Selasa, 15 Mei 2012

KADEUDEUH




Salira kembang endah panglamunan
Mepende hate nu tas lila teu dipalire
Rasa bagja nu kasorang mabra lir bentang nu baranang
Reunceum taya hinggana

Rasa kadeudeuh, rasa kaheman
Nail ngahiji silih titipkeun ati
Kapicangcam ku janji pasini

Hawar-hawar ngegulikna soanten salira meupeuskeun rasa tunggara jeroning dada
Peperngian eunteup dina jeroning ati
Teu leupat, teu linglung kuring miati salira

Deudeuh..
Salira ulah ngejat udar tina tali duriat
Pait amis nu nyanghareupan urang sorang paduduaan