Tempat Berbagi Cerita, Humor, Ilmu Pengetahuan Dan File

GAMBAR, PROFILE, MENU DROP DOWN

Tampilkan postingan dengan label Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Sunda. Tampilkan semua postingan

Selasa, 15 Mei 2012

SERAT



Diteteup, dibaca, dibulak-balik serat ti salira
Kacida jentre nyeredet kana jero hate
Kacida nyentug ratug matak kapincut
Nyacapkeun kasono muntangan pangharepan
Nandangan rasa nu salawasna moal sulaya ti salira

KADEUDEUH




Salira kembang endah panglamunan
Mepende hate nu tas lila teu dipalire
Rasa bagja nu kasorang mabra lir bentang nu baranang
Reunceum taya hinggana

NYERELEK



Ketrak-ketrek sora jam, ngareret waktu nu nyerelek ilang detik ganti waktu
Hate tetep ngocoblak kanu dipikasono
Emutan kumalayang nganjangan salira nu nyongcolang dina implengan

NGECREK



Hujan ngecrek ngageureuyeuk, ngagalingging tiis estu karasa nyeleuceup
Siganing ngageuing ati, sangkan ngawawadian emutan kasalira
Salira bebene hate nu jumeneng dina emutan, maturan emutan nu keur ring-rang

KAYUNGYUN



Saban poe kuring teu genah cicing
Nganti-nganti nu piaati
Harita salira sumping
Linggih paamprok jonghok dirorompok
Nganjangkeun ati nu kabandang

MUNGGARAN



Haritaning kuring sumping munjungkeun ati nu kabandang
Nganti-nganti nu dipiati, ngaharewoskeun wartos kanu diantos
Ngaraketkeun tali mimitran nu tas liola sewing-sewangan, nagalayeutkeun ati, sauyunan manah
Babarengan ngaheuyeuk geugeut
Satuhu saestu na pangharepan nu keur dituju
Ngondang bagja keur engke jaga