Tempat Berbagi Cerita, Humor, Ilmu Pengetahuan Dan File

GAMBAR, PROFILE, MENU DROP DOWN

Selasa, 15 Mei 2012

SERAT



Diteteup, dibaca, dibulak-balik serat ti salira
Kacida jentre nyeredet kana jero hate
Kacida nyentug ratug matak kapincut
Nyacapkeun kasono muntangan pangharepan
Nandangan rasa nu salawasna moal sulaya ti salira

Kanyaah ti salira nyaliara jeroning dada
Kadeudeuh tisalira ngahaleuang dina manah micangcam kaheman miceun kamelang
Bagja nampi serat ti salira
Kacida endah atra karasa
Kacida endah basa serat ti salira nyaangan hate nu dipalire
Nenjo potret salira ngahudang kasono nu moal matak mikapoho

Hayang ngagupayan nu jadi jungjunan
Kacida jauh paanggang-anggang
Ngan saukur kasorang ku panglamunan
Ngan saukur nganjang dina impenan
Ngan saukur sosonoan dian implengan

Teu kabobodo ku panenjo
Teu kasamaran ku paningali
Salira nu utami kembang endah pangharepan
Salira nu utami kembang endah panglamunan