Tempat Berbagi Cerita, Humor, Ilmu Pengetahuan Dan File

GAMBAR, PROFILE, MENU DROP DOWN

Selasa, 15 Mei 2012

MUNGGARAN



Haritaning kuring sumping munjungkeun ati nu kabandang
Nganti-nganti nu dipiati, ngaharewoskeun wartos kanu diantos
Ngaraketkeun tali mimitran nu tas liola sewing-sewangan, nagalayeutkeun ati, sauyunan manah
Babarengan ngaheuyeuk geugeut
Satuhu saestu na pangharepan nu keur dituju
Ngondang bagja keur engke jaga

Hatur nuhun ka salira nu tas narima
Tempat nyandingkeun ati nu moal lanca-linci
Tempat panglipur kalbu, pangbeubeurah manah
Estuning natrat ning bagja endah karasa

Poe harita kuring patepung lawung dihiji kampong
Poe harita lalakon carita kaasih urang dua-an nu munggaran